Sony Xperia M4 Aqua - Langlangan aplikasi

background image

Langlangan aplikasi

Sababaraha aplikasi manawi moal kaasup dina alat anjeun atawa ieu bisa jadi teu dirojong di

sadaya jaringan atawa propaider laden dina sadaya wewengkon.

Pake aplikasi Jam pikeun nyetel sababaraha jenis alarm.

Paké pangotéktak wéb Chrome pikeun nganapigasi tur nempo kaca wéb, ngatur

téténggér, téks sareng gambar.

Paké aplikasi Kalkulator pikeun ngalakonan itungan dasar.

Paké aplikasi Almenak pikeun ngalacak kajadian tur ngatur pasini anjeun.

Paké kaméra pikeun moto sareng ngarékam klip vidéo.

Paké aplikasi Kontak pikeun ngatur nomer telepon, alamat surélék tur inpo

séjénna nu berhubungan ka kontak anjeun.

Aksés aplikasi, dokumén jeung gambar nu tos diundeur ku anjeun.

Paké aplikasi Surélék pikeun ngirim tur nampa surélék ti akun pribadi sareng

kantor.

Kotéktak tur déngékeun stasiun radio FM.

Pake aplikasi Galeri pikeun nempo tur ngatur, ngedit poto jeung video Anjeun.

Pake aplikasi Gmail™ pikeun maca, nyerat tur ngatur talatah surelek.

Téang inpo dina alat anjeun sareng di wéb.

Tempo lokasi Anjeun ayeuna, panggihan lokasi nu sejen, tur ngarencanakeun

rute make Google Maps™.

Pake aplikasi Play Store™ pikeun manggihan aplikasi nu dipeser atawa diunder

haratis.

Paké aplikasi Talatah pikeun ngirim tur nampa talatah téks sareng multimédia.

Paké aplikasi Vidéo pikeun muterkeun vidéo dina alat anjeun, tur ngabagikeun

eusi sareng babaturan anjeun.

Paké aplikasi Musik pikeun ngatur tur muter musik jeung buku audio.

Ningali wartos berita ti News Suite.

31

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Telepon ku cara muter nomer sacara manual atawa ku cara maké pungsi pencét

pinter.

Optimalkeun setélan alat pikeun nyocogkeun ka persaratan anjeun sorangan.

Pake aplikasi Hangouts™ pikeun chat sareng rerencangan sacara online.

Idéntipikasi lagu musik anu nuju diputer di lingkungan anjeun, tur meunangkeun

inpo artis, albeum sareng inpormasi nu séjénna.

Pake YouTube™ keur nongton video ti saluruh dunya, jeung ngabagikeun video

anjeun.

Xperia™ Movie Creator otomatis nyieun kolase video pondok nganggo koleksi

poto atawa video nu aya.

Paké aplikasi Rojongan pikeun ngaksés rojongan di alat anjeun. Contona, anjeun

tiasa ngaksés Buku pituduh, inpo cara ngungkulan, tambah kiat sareng trik.

Pake aplikasi Sketsa pikeun nyieun jeung ngotektak gambar, teras bagikan

gambar jeung dunya.

Pake aplikasi What's New pikeun neangan kaulinan, aplikasi, jeung eusi media

anyar.

Ngaraosan musik, pilem, aplikasi, jeung kaulinan dina alat anjeun, jeung

meunangkeun akses eksklusip ka eusi unik nu saukur sadia jeung alat Xperia™.

Tetep nyambung ka rerencangan ulin anjeun, jeung kaulinan nu resep diulinkeun

ku anjeun, pese dina PlayStation®Store, jeung leuwih loba.

Tangtayungan alat anjeun ti virus, malware, spyware, percoboan panipuan, jeung

eksploitasi online.

32

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.