Sony Xperia M4 Aqua - Layar aplikasi

background image

Layar aplikasi

Layar Aplikasi, nu dibuka ku anjeun tina layar Utama, ngandung aplikasi nu geus

dipasang dina alat anjeun kitu oge sareng aplikasi nu diundeur ku anjeun.

Nempo sadaya aplikasi di layar Aplikasi

1

Tina layar Utama Anjeun, ketok .

2

Sintreuk ka kenca atawa ka katuhu alayar Aplikasi.

Cara muka aplikasi ti layar Aplikasi

Nalika layar Aplikasi dibuka, sitreuk ka kénca atawa katuhu pikeun manggihan

aplikasi, teras ketok aplikasi.

Jang neangan aplikasi tina layar Aplikasi

1

Lamun layar Aplikasi muka, ketok

Teang aplikasi.

2

Tulis ngaran aplikasi nu arek diteangan ku anjeun.

Pikeun muka menu layar Aplikasi

Lamun layar Aplikasi muka, ketok .

23

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Cara mindahkeun hiji aplikasi dina layar Aplikasi

1

Lamun layar Aplikasi muka, ketok .

2

Pastikeun

Urutan nyalira dipilih di handapeun Urutkeun aplikasi.

3

Toel jeung tahan aplikasi nepi ka alat ngageter, teras sered ka lokasi anyar.

Cara nambahkeun potong kompas aplikasi ka Layar Utama

1

Tina layar Aplikasi, toel jeung tahan ikon aplikasi nepi ka alat ngegeter, teras sered

ikon ka palih luhur layar. Layar Utama kabuka.

2

Sered ikon ka lokasi nu dipikahoyong di Layar Utama, teras leupaskeun.

Cara nyusun aplikasi dina layar Aplikasi

1

Lamun layar Aplikasi muka, ketok .

2

Ketok

Urutkeun aplikasi, teras pilih hiji pilihan.

Cara mupus pamasangan aplikasi tina layar Aplikasi

1

Toel jeung tahan wewengkon nu mana wae dina layar Aplikasi nepi ka alat

ngagater. Sadaya aplikasi nu tiasa dipupus pamasanganna teras ditandaan ku .

2

Pilih aplikasi nu hayang dicabut pamasanganna ku anjeun, terus ketok

Pupus.

Sababaraha aplikasi nu ditunjukkeun ku saukur tiasa dinonaktipkeun, jeung teu tiasa

dipupus. Nganonaktipkeun aplikasi mupus kabeh data, tapi aplikasi tiasa diaktipkeun deui ti

Setelan > Aplikasi.