Sony Xperia M4 Aqua - Konci layar

background image

Konci layar

di halaman 11.

Tambah akun Google™ pikeun nyegah jalma sejen pikeun nganggo alat Anjeun upami

dipaok atawa dipupus. Pikeun inpormasi salengkepna, tempo

Kunaon abdi butuh akun

Google™?

dina kaca 9.

Aktipkeun ladenan web “Tangtayungan ku my Xperia” atawa Manajer Alat Android™.

Nganggo salah sahiji ladenen ieu, Anjeun tiasa ti jarak jauh manggihan lokasi, ngonci,

atawa mupus alat nu leungit. Pikeun inpormasi salengkepna, tempo

Néang alat nu

leungit

dina kaca 17.

Mariksa kepemilikan alat Anjeun

Fitur tangtayungan nu tangtu perlu muka konci layar ku PIN, kecap aksés, pola, atawa

tulis inpo akun Google™. Di handap ieu aya sababaraha fitur perlindungan sareng

sababaraha kredensial nu diperlukeun:

Tangtayungan

Reset Data Pabrik

Anjeun kudu muka konci layar samemeh Anjeun diidinan ngalakukeun Reset Data

Pabrik.

Tangtayungan my

Xperia

Upami Anjeun ti jarak jauh ngareset alat Anjeun make ladenan ieu, Anjeun kudu

nuliskeun ngaran nu make sareng kecap akses kanggo akun Google™ nu dikaitkeun

sareng ladenan eta. Alat kudu disambungkeun ka Internet samemeh proses panyetelan

tiasa di rengsekeun. Upami heunteu, Anjeun moal bisa make alat Anjeun saatos

direset.

Manajer Alat

Android™

Upami Anjeun ti jarak jauh nga-reset alat Anjeun make ladenan ieu, Anjeun kudu

nuliskeun ngaran nu make sareng kecap akses kanggo akun Google™. Alat kudu

disambungkeun ka Internet samemeh proses panyetelan tiasa di rengsekeun. Upami

heunteu, Anjeun moal bisa make alat Anjeun saatos direset.

Perbaikan software

Upami Anjeun make software Xperia™ Companion keur ngalakukeun perbaikan

software, Anjeun dipenta nuliskeun nami nu make sareng kecap akses akun Google™

Anjeun basa Anjeun ngamimitian alat saatos perbaikanna rengse.

Kanggo Manajer Alat Android™, diperlukeun pikeun nulis inpo ti akun Google™. Ieu tiasa akun

Google™ nu mana wae nu tos Anjeun setel dina alat. Upami Anjeun teu bisa nyadiakeun inpo

akun nu sasuai basa proses panyetelan, Anjeun moal bisa make alat eta sama sekali.

Konci layar

Aya sababaraha pilihan konci layar. Tingkat kaamanan tiap jinis konci aya dina daptar di

handap ieu mimiti ti nu paling lemah nepikeun ka nu paling kuat:

Gésék – teu ditangtayungan, tapi anjeun bisa ngaksés Layar utama leuwih gancang.

Pola – gambar pola nu basajan ku ramo jang muka alat anjeun.

PIN – asupkeun paling henteu opat angka nomer PIN jang muka alat anjeun.

Kecap aksés – asupkeun kecap aksés abjad atawa angka jang muka alat anjeun.

Penting pisan yen Anjeun emut ka pola buka konci layar, PIN atawa kecap akses Anjeun.

Upami anjeun hilap inpormasi ieu, anjeun moal tiasa mulangkeun data penting sapertos kontak

sareng talatah.

Upami anjeun atos setél akun Microsoft® Exchange ActiveSync® (EAS) dina alat Xperia™

anjeun, setélan kaamanan EAS tiasa ngawates tipeu konci layar ka ngan hungkul PIN atawa

kecap aksés. Ieu kajadian nalika administrator jaringan anjeun nangtukeun tipeu konci layar

keur sadaya akun EAS ku sabab kaamanan. Taros administrator jaringan perusahaan atawa

11

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

organisasi anjeun keur mariksa naha kawijaksanaan kaamanan jaringan nu pangaruh keur alat

sélulér.

Pikeun ngarobah jenis konci layar

1

Tinu layar Utama, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Kaamanan > Konci layar.

Pikeun nyieun pola konci layar

1

Tinu layar Utama, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Kaamanan > Konci layar > Pola.

3

Turutan parentah dina alat Anjeun.

Lamun pola konci anjeun ditampik lima kali basa nyobian muka alat anjeun, tungguan 30 detik

sateuacan anjeun nyobaan deui.

Pikeun ngarobah pola konci layar

1

Tinu Layar Utama, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Kaamanan > Konci layar.

3

Gambar pola buka konci layar.

4

Ketok

Pola teras turutan pitunjuk dina alat anjeun.

Pikeun nyieun PIN konci layar

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Kaamanan > Konci layar > PIN.

3

Tulis PIN angka, terus ketok

Teruskeun.

4

Asupkeun deui tur konpirmasikeun PIN anjeun, terus ketok

OK.

5

Turutan parentah dina alat Anjeun.

Cara nyieun kecap akses konci layar

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Kaamanan > Konci layar > Kecap akses.

3

Tulis kecap akses, terus ketok

Teruskeun.

4

Asupkeun deui tur konpirmasikeun kecap akses anjeun, terus ketok

OK.

Pikeun ngaktipkeun pungsi buka konci ku cara Gesek

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Kaamanan > Konci layar.

3

Gambar pola buka konci layar Anjeun, atawa tulis PIN atawa kecap akses Anjeun

upami salah sahiji jinis konci layar ieu diaktipkeun.

4

Ketok

Gesek.

Ngareset konci layar nu poho

Upami anjeun poho PIN, kecap akses, atawa pola konci layar, Anjeun manawi tiasa

ngareset make Tangtayungan ku my Xperia. Taya eusi nu leungit dina alat saenggeus

anjeun milampah reset konci layar make ladenan ieu.
Cara ngaktipkeun ladénan Tangtayungan ku my Xperia, tempo

Néang alat nu leungit

dina kaca 17.

12

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun ngareset konci layar make Tangtayungan ku my Xperia

1

Pastikeun anjeun apal ngaran nu make jeung kecap akses akun Google™ jeung

Anjeun tos ngaktipkeun ladénan Tangtayungan ku my Xperia dina alat anjeun

2

Buka

myxperia.sonymobile.com

make alat nu nyambung ka Internet.

3

Asup make akun Google™ nu sami nu tos Anjeun setel di alat Anjeun.

4

Klik gambar alat Anjeun di handap

Alat Anjeun.

5

Pilih

Konci atawa Robah PIN2 pikeun ngaganti konci layar nu aya make kodeu

PIN anyar.

6

Turutan pitunjuk di layar nu disadiakeun ku Tangtayungan ku my Xperia.

Dumasar dina setelan, alat Anjeun bakal ngonci saenggeus reset konci layar. Anjeun perlu

ngasupkeun ngaran nu make jeung kecap akses akun Google™ supados tiasa make alat.