Sony Xperia M4 Aqua - Néang alat nu leungit

background image

Néang alat nu leungit

Lamun anjeun boga akun Google™, ladén wéb “Tangtayungan ku my Xperia” bisa

mantuan anjeun manggihan jeung ngamankeun alat anjeun lamun alat na leungit. Lamun

anjeun atos ngaaktipkeun ladénan ieu dina alat anjeun, anjeun tiasa:

Manggihan alat anjeun dina peta.

Ngahurungkeun tanda sora sanajan alat aya dina modeu Tong diganggu.

Ngoncian alat ti jauh jeung ngajieun alat némbongkeun wincik kontak anjeun ka sasaha

nu mendakan alatna.

17

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Mupus mémori internal jeung éksternal alat anjeun ti jarak jauh, sabagé jalan terahir.

Lamun anjeun mupus mémori internal alat maké ladén web "Tangtayungan ku my Xperia",

anjeun kedah lebet kana akun Google™ anu sateuacanna disaluyukeun dina alat ieu sanés

waktos anjeun ngaaktipkeun alat.

Ladénan “Tangtayungan ku my Xperia” bisa waé teu sadia di kabéh nagara atawa kawasan.

Cara ngaktipkeun Tangtayungan ku my Xperia

1

Pastikeun anjeun boga konéksi data aktip, jeung aktipkeun ladenan lokasi dina

alat anjeun.

2

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Kaamanan > Ditangtayungan ku my Xperia >

Aktipkeun.

4

Cirian kotak céntang keur nyatujuan syarat jeung katangtuan ladénan, terus ketok

Tampa.

5

Upami ditaros, asup kana akun Google™ Anjeun, atawa jieun akun anyar lamun

Anjeun teu boga akun.

6

Jang mariksa yen Tangtayungan ku my Xperia bisa manggih alat Anjeun, buka

myxperia.sonymobile.com

terus asup make akun Google™ nu dipake dina alat

Anjeun.

Lamun anjeun babagi alat jeung sababaraha pamaké, perlu diperhatoskeun yén ladénan

Tangtayungan ku my Xperia ngan sadia jang pamaké nu asup sabagé nu bogana.

Manggihan alat nu leungit nganggo Manajer Alat Android™

Google™ nawaran ladenan web kaamanan nu disebut Manajer Alat Android™. Anjeun

tiasa make ladenan ieu babarengan jeung, atawa jadi alternatip ka, ladenan my Xperia.

Upami Anjeun kaleungitan ieu alat, Anjeun tiasa make Manajer Alat Android™ pikeun:

Manggihan tur mintonkeun di mana lokasi alat Anjeun eta.

Ngiriningkeun atawa ngonci alat Anjeun, mupus sadaya data nu aya di jero alat, atawa

nambahkeun nomer telepon ka layar konci.
Kanggo inpo tambahan tentang Manajer Alat Android™, buka

www.support.google.com

.

Manajer Alat Android™ teu berpungsi upami alat Anjeun dipareuman atawa teu gaduh

sambungan ka Internet. Ladenan Manajer Alat Android™ bisa jadi teu sadia di sadaya nagara

atawa kawasan.

Pikeun ngaktipkeun Manajer Alat Android™

1

Upami Anjeun nganggo alat sareng sababaraha pamake, pastikeun yen Anjeun

asup jadi nu gaduh alat.

2

Pastikeun yen Anjeun gaduh sambungan data aktip tur ladenan lokasi diaktipkeun.

3

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

4

Panggihan tur ketok

Setelan > Google > Kaamanan.

5

Sered geseran disisi

Neangan lokasi alat ieu ti jarak jauh jeung Idinan konci

sareng pupus ti jarak jauh ka posisi Aktip.

6

Upami dipenta, Anjeun jawab satuju kana sarat sareng katangtuan nu

dipintonkeun ku cara ngetok

Aktipkeun.

7

Pikeun mariksa yen Manajer Alat Android™ tiasa manggihan lokasi alat Anjeun

saatos Anjeun ngaktipkeun ladenan eta, buka

www.android.com/devicemanager

tur asup nganggo akun Google™ Anjeun.

18

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.