Sony Xperia M4 Aqua - Setelan kamera video

background image

Setelan kamera video

Pikeun nyaluyukeun setelan kamera video

1

Aktipkeun kamera.

2

Gesek ka

.

3

Pikeun mintonkeun setelan, ketok .

4

Pilih setelan nu Anjeun hoyong saluyukeun, teras jieun perobahan Anjeun.

106

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Tinjauan setelan kamera video

Pilihan pamandangan

Fitur Pilihan Pamandangan mantuan anjeun nyetel gancang kamera kanggo kaayaan

umum nganggo pamandangan video nu geus diprogram. Unggal setelan pamandangan

dirancang pikeun ngahasilkeun video kualitas pangsaena nu tiasa dijieun dina lingkungan

rekaman nu spesifik.

Otomatis

Pilihan pamandangan otomatis

Pareum

Fitur Pilihan pamandangan pareum tur Anjeun bisa ngarekam video sacara manual.

Motret lembut

Pake kanggo shooting video di latar tukang nu lembut.

Lansekap

Pake kanggo video lansekap. Kamera mokuskeun ka objek nu jauh.

Pamandangan peuting

Waktu diaktipkeun, sensitipitas cahya ditingkatkeun. Pake dina kondisi cahya nu kirang caang. Video

objek nu keur ngolebat bisa jadi kabur. Tahan leungeun Anjeun sing ajeg, atawa pake pangrojong.

Pareuman setelan peuting lamun kondisi cahaya caang, pikeun ngaalusan kualitas video.

Basisir

Gunakeun jang video pamandangan sisi laut atawa sisi situ.

Salju

Pake dina lingkungan nu caang pikeun nyegah hasil video caang teuing.

Olahraga

Pake kanggo ngarekam video objek nu keur ngolebat gancang. Waktos paparan pondok

ngaminimalkeun gambar nu kabur ku sabab aya gerakan.

Hajatan

Pake kanggo video di jero ruangan dina lingkungan nu kirang caang. Pamandangan ieu nyandak

pencahayaan latar tukang di jero ruangan atawa cahaya lilin. Video objek nu keur ngolebat bisa jadi

kabur. Tahan leungeun Anjeun sing ajeg, atawa pake pangrojong.

Resolusi video

Saluyukeun resolusi video kanggo pormat nu beda-beda.

HD Lengkep

1920×1080(16:9)

Pormat Full HD (Definisi Gede) sareng perbandingan aspek 16:9.

HD

1280×720(16:9)

Pormat HD (Definisi Luhur) sareng perbandingan aspek 16:9.

VGA

640×480(4:3)

Pormat VGA sareng perbandingan aspek 4:3.

MMS

Rekam video nu cocog kanggo dikirim dina talatah multimedia. Waktu ngarekam pormat video ieu diwatesan

supados fayil videona tiasa pas dina talatah multimedia.

Modeu Pokus

Setelan pokus ngadalikeun bagean mana dina subjek rekaman video nu kudu jelas.

Sawaktos pokus otomatis terus dihurungkeun, kamera bakal terus nyaluyukeun pokus

supados wewengkon nu aya di jero pigura pokus bodas tetep tajem.

Pokus otmts hiji

Kamera sacara otomatis pokus ka subjek nu dipilih. Pokus otomatis terus dihurungkeun.

Deteksi beungeut

107

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Kamera sacara otomatis ngadeteksi nepi ka lima rupa manusa, ditandaan ku pigura nu aya dina layar.

Kamera sacara otomatis pokus ka rupa nu pangdeukeutna. Anjeun oge bisa milih rupa mana nu dipokuskeun

ku cara ngetok rupa eta dina layar. Sawaktos Anjeun ngetok layar kamera, hiji pigura koneng mintonkeun

raray mana nu dipilih sareng nu dipokuskeun. Deteksi beungeut teu bisa dipake kanggo sakabeh jinis

pamandangan. Pokus otomatis terus dihurungkeun.

Lacak objek

Upami Anjeun milih objek ku cara nyentuh dina layar tempo heula, kamera ngalacak objek eta kanggo

Anjeun.

Smile Shutter™(video)

Pake pungsi Smile Shutter™ pikeun nangtukeun jinis keom nu kumaha nu bakal dipake

kamera sateuacan ngarekam video..

Pangajeg video

Sawaktos ngarekam video, nyekel alat sing ajeg hese dilampahkeun. Pangajeg mantuan

anjeun ku cara nahan gideg leungeun nu panglaunna.

Lampu kilat

Pake lampu kilat pikeun ngarekam video nuju kondisi cahya kirang atawa nuju teu aya

lampu tukang. Ikon lampu kilat video ngan sadia di layar kamera video. Perhatoskeun

yen kadang-kadang kualitas video bisa langkung sae tanpa aya cahya sanajan kondisi

cahya kirang.

Hurung

Pareum

Video HDR

Pake setelan video HDR (High-Dynamic Range / Kisaran Dinamik-Gede) pikeun

ngarekam video ngalawan cahya tukang nu caang pisan atawa di kondisi di mana

kontrasna tajam pisan. Video HDR mere kompensasi kanggo wincik nu leungit sareng

ngahasilkeun gambar nu ngawakilan wewengkon nu poek sareng nu caang.

108

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.